Senin, 11 Mei 2009

baheula, kamari, ayeuna jeung isukan

baheula, keur leutik, sagala rupa katempo gampang, nu nyata jeung nu ngawang-ngawang pagalo dina rasa. hayang itu hayang ieu, katedunan atawa heunteu ngan dibedakeun ku ceurik jeung seuri atoh.
baheula, keur jajaka, mimiti rada hararese, hayang kawas batur, malah jadi batur, kolot jadi teu wawuheun, sorangan ge ampir teu apal jinis sorangan.
aya kahayang nuturkeun birahi, era teu boga jati, cok kaditu cok kadieu, dihuskeun wae kawas hayam, pek panggih nu koloteun, dituturkeun, teu kabedag da kawas angin.
geus gede, bisa nyaba, beuki teu kapanggih saha kuring teh.
kamari, keur dunya karek kausap saeutik, tetenjoan mimiti bengras, hawar-hawar sora hate nitipkeun amanah, nu lempeng jang! tong luak-lieuk! Pek teh titajong, tikusruk, tigujubar, tilelep weh!
ayeuna, geus hudang, lulungu keneh, heuay jeung heuay wae. dunya saha ieu? geuning urang aya di dieu? ti iraha? iitungan diorat-oret, saparapat abad kuring di dieu? ari dunya urang dimana?
isukan kudu kumaha kuring teh? dunya sorangan aya di nu jauh, katempo ngagupayan, teu daya nyampeurkeunana