Rabu, 27 Mei 2009

Ahmad Bakri


B u l a n

Ngelemeng, nyelap na mega kulawu
Luhureun imah tukang tahu
Bulan sadrah
Teu cara bulan puasa
Sok nagih balanja loba
Tapi ......
ana geus ngageuri
nagih cinta keur si jenat
nu geus kedal bareto basa ngabungbang
ieu cimata ....... taya hargana

Bulan ngagantung luhureun samoja
Hate kandeg lebah dinya ........

(ciamis, 1971)